Minggu, 31 Mei 2009

Adan Syarat

Carpon Ku KI DASAM SYAMSUDIN

Bentang di langit nu poek mongkleng geus tarembong, cahyana katinggal laleutik tingkarelip pabalatak. Bulan mirip surabi masih nyumput di jero mega barenjol nu ngaliwat. Angin gunung ngahiliwir metot-metot dadaunan tatangkalan. Sabari nyesep roko Drajum Cokelat, Amun diuk bari kukurudung pake sarung ningali gunung Haruman nu menjelut jiga benjol. Diuk ngalamun kamana mendi. Perem beunta Amun nyesep roko, fuuh… hasepna dikalurkan biwirna. Roko tinggal sapotong deui, tapi Amun can manggih cara. Cara keur ngedalkeun rasa kacinta ka neng Nova. Angin masih ngahiliwir ngoyag-ngoyag dadaunan. Amun masih liuereun, kumaha carana nyarita ka Nova, “Nova, abi bogoh”.

Nalika Amun keur ngalamun di harep asrama santriawan, diuk bari kukurudung. Cecep jeung Fadli datang, leungeun Cecep ngajinjing keresek hideung. Gek, eta Cecep jeung Fadli diuk ngabaturan Amun.
“Mun, bala-bala!” ceuk Cecep nawaran.
“Ku naon, Mun? jiga nurarungsing?...” Fadli nambahan omongan.
Amun masih jempe, lambeyna pinuh ku bala-bala nu keur digayeum. Bala-bala di comot deui ku Amun, dibelewekeun ka sungutna, tuluy nyarios jiga nu rek ceurik.

“Cep, Fad, abi teh pan bogoh ka Nova. Tapi teu apal cara keur ngedalkeuna, kumahanya?”

Cecep ngahurungkeun roko Djarum Cokelat. “Eh, Amun. Cinta dipikiran” ucap Cecep bari ngaluarkeun hasep. Fuuh…
“Gampang masalah cinta mah, ngomong atuh ka mang Fadli” sambung Fadli bari menerkeun sarungna nu morosot.

Langit beuki poek, Cecep, Amun jeung Fadli sare kukurudung sarung ngagaloler di luar asrama ditilaman ku samak di luhur karamik. Amun sare bari seri, kempot pipina legok jiga liang belut. Fadli geus nurunkeun elmu cintana ka Amun. Amun geus apal isukan kudu kumaha jeung nyarios naon ka Nova? Eta nu jadi matak Amun sare bari seuri.
***

“Bita fa’alta wa atat wayap’ali, wanuni aqbilana fi’lun yanjali… Siwahuma harfun kahal wa fii wa lam, fi’lun mudhri’un yali lam kayasyam…” barudak santri kelas opat maca syair Alfiyah Ibnu Malik bari dinyanyikeun.
Amun nunungguan kelas opat balubar bari ngadedengekeun barudak santri ngahaleangkeun syair-syair Ibnu Malik. Amun nyumput di jero kelas lima nu kosong da santrina geus balubar ngaji. Nalika kelas opat balubar, ti tukang jandela Amun noong Nova nu keur leumpang bareng Irma, Bentang jeung Iis.

“Neng, Nova!!!....” Amun ngagero Nova ti jero kelas, sirahna ngelol kaluar panto.
Nova ngalieuk ka tukang, ningali sirah Amun sapotong nu ngelol di panto kelas lima. “Eh, kang Amun?! Aya naon, kang?”
“Kedieu heula sakedap!” gumero Amun bari mere seuri ka Nova.

Saharitamah Nova jempe bari nangtung jiga patung. Teuing curiga teuing siuneun ku Amun. Tapi, Nova teu loba basa, kadua sampeana diayun nyampeurkeun Amun. "Ti payun weh. Ke abdi nyusul.” Ucap Nova ka rerencanganana.
Di harep pasantren aya jalan nu anyar diaspal. Sora motor tukang ojeg tinghareang ngaliwat. Di pentas jalan aya kebon jagong Kiai. Tangkal jagong oyag-oyagan ditiup angin. Dadaunan tangkal nangka aya nu ngepluk, murag ka taneh. Panon poe cahyana geus teu panas deui, tereh ka waktu Ashar. Di jero kelas lima Amun ngahuleng, di luar kelas Nova ge ngahuleng. Amun jeung Nova pajempe-jempe. Nova jiga jalma nu curiga baris meunang ucap nu pirewaseun. Da salama iyeu ge, Nova apal yen nu ngarana Amun Solihin teh mikaresep ka dirina. Manuk Tutuit ngajerit ngaleungitakn kasepi. Sabari ngageter Amun cumarios.

“Neng…”
“Kah..”
“Abi bade nyarios…”
Nove mesem. “Mangga! Bade nyarios naon?...”

Amun jempe. Leungeuna ngodok saku calana, ngaluarkeun barang. Tuluy di asongkeun ka neng Nova. “Neng, iyeu, tampinya…”
Nova rada rewas. Teunyangka Amun rada romatis. Nova seuri bari nampi bungkus leutik pamasihan Amun. “Nuhun”.
Amun ngangguk bari mere mesem.

“Neng…”
“Kah…”
“Keur wengi abi teu tiasa sare emut wae ka Eneng”
“Naha?...”
“Duka” ucap Amun bari ngangkat taktakna.
“Neng..”
“Kah…”
“Abi palai nyarengan Eneng. Palai nyorang kahirpun ngabaturan Eneng. Palai ngajajap jeung janten jalmi nu mimiti ngadeg ngabela jeung ngajagi kahormatan Eneng dugi ka jaga. Abi cinta ka Enang” Ucap Amun bari ngadegdeg.

Angin ngahiliwir ngaguarkeun mega nu ngagunduk di langit. Langit jadi biru pisan. Jukut hejo di hareupeun pasantren melengkung katebak-tebak angin. Kembang malati mekar bareureum, ngaur-ngaur kaseungitanan ka dunya. Sanajan teu aya hujan. rarasaan Amun jeung Nova, di langit anu biru cahyaan asa aya pelangi nu melengkurng jiga nyoret dunya ku mangpirang-pirang warnana. Manuk nu nyengcle di pangpang tatangkalan asa tingkaroceak mere tembang cinta ka dua insan nu keur digulung rasa deudeuh jeung nyaah. Nova tungkul, ngatur nafasna. Panginteun teu percaya Amun ngungkapkeun rasa kanyaah, kacinta jeung kadeudeuhna jeung sakaligus janji bakal ngajagina ti mara bahaya nu baris nyorang dina kahirupanana.
“Neng, kumaha?...” Ucap Amun panasaran.
Nova masih jempe. Nova ngalieuk katukang ningali motor tukang ojeg ngaliawat.

“Kang, henteu tiasa muguhkeun ayeuna?”
Amun rewas, ditingali raray Nova nu hideung manis. Tiungna kekelebatan katiup angin. Amun perem bari ngatur ambeukanana, tuluy tumaros.
“Naha…?”
“Henteu tiasa weh”
“Neng, atuh kedah ayeuna…”
Nova jempe deui bari nyoo kado pamasihan Amun.
“Kumaha pami ba’da asyar?...”
“ba’da asyar?... siap!” jawab Amun rada bingah.
“Ngan kang Amun nu adzana…”
“Adzan? Naha kedah adzan?
“Kedah weh, bilih palai ditampimah” ceuk Nova bari ngaleos ninggalkeun Amun. “Abdi bade ningalikeun kang Amun adzan” sambungna.

Amun ngahuleng di jero kelas. Jantungna dug-dugan. Teu percaya, Nova bakal narima cintana, pami Amun ngumandangkeun adzan. Adzan syarat, pikir Amun.
Cai nu ngucur kaluar tina liang leutik paralon ditandean ku leungeun Amun. Amun nyucikeun dirina tina hadas leutik. Wudhuna mani diapik-apik. Duka naon sababna?
Ti luar masjid bari ngalocotkeun sendal capitna, Amun ningali Udin keur nyoo mik (michrofon), mencet-mencet tombol on-of dina gagang mik. Rek adzan. Ningali Udin nyoo mik. Amun lumpat satarikna ti luar masjid, ngarebut mik nu keur di cekel ku Udin. Karek ge Udin calangap rek ngagorowok ngumandangkeun adzan. Mik ku Amun direbut. Udin disurungkeun. “Adzan syarat”ucap Amun ka. Udin ngangguk jiga nu ngarti.
Tukangeun Amun barudak santri dariuk ngabaris, aya oge anu masih nangtung menerkeun sarungna. Amun ngatur nafas. Awakna masih ngadeg-deg. Amun panona dipeureumkeun nyoba konsentrasi. Hulu mik didekeutkeun ka biwirna. Leungeun kencana nutupan ceuli belah kenca. Bari ngabayangkeun neng Nova. Amun mulai ngumandangkeun adzan.

“Allahuakbar… Allahuakbar…” Amun ngalieuk ka tukang. Ditukangeunana barudak santri loba nu nutupan ceuli. Lain karna nurutan Amun nutupan ceuli. Tapi sabab sora Amun sumbang kacida. Amun teu pati paduli ka barudak santri. Panona mencrong santriawati nu keur nangtung di jalan hareupuen masjid. Nova mesem ningali amun adzan. Amun ge mesem. Hatena bagja.

“Asyhad allaa ilaaha illallah…” Amun ngalieuk deui katukang. Nova masih nangtung di jalan. Tiungna kekelebetan laun kebedol-bedol angina nu ngaliwat.

“Asyhadu anna Muhammada rasulullah…” Amun ngalieuk deui. Nova masih ninggalikeun Amun. Amun mesem, tuluy ngalanjutkeun adzana.

“Haya ‘ala shalaat….” Nova masih ningalikeun Amun.

“Haya ‘alalfalaah…” Amun ngalieuk ka tukang ningali jalan. Tapi Nova geus teu aya di jalan. Geus teu ningalikeun Amun adzan. Amun rewas tuluy ngagorowok.

“ALLAHUAKBAR!!!!!!....” nyebutna jiga jalma nu rewas. Teu jiga lagam adzan.
Barudak santri milu rewas ngadenge Amun ngaggorok ‘Allahuakbar’, jiga jalma ningali karewas nu kacida. Loba santri nu gideug. Aneh ku lagam adzan Amun.

“Laailahaillallah…” sora Amun leuleus. Mik nu di cepengna losot ti leungeuna. Murag ngagejret ninggang sukuna.

Saba’da shalat asyar. Amun diuk di hareup masjid. Sirahna ditunjang ku kadua leungeuna. Amun tanggah ninggali langit nu bersih, biru jeung endah. Sabab perasaan amun asa ancur. Rarasaan Amun, langit nu biru cahyaan asa jadi poek ngabelegbeg. Angin ngagelebug tarik asa keur ngalung-ngalungkeun bangunan pasantren ka luhur. Mega nu bodas di langit, asa ngagunduk ngahideungan ngaluarkeun gurilap. Guludug bebeledugan nyamberan tatangkalan nu nyareblok di taneh. Taneh ge asa lini. Oyag-oyagan, tuluy rengat ngabelah-belah dunya. Hate Amun asa cecelekitan diciwitan ku keyeup. Jantungna dag-dig-dug endut-endutan jiga nu rek bucat. Amun teu percaya dibohongan ku Nova. Hanas weh anjeuna maksakeun adzan bari sorana sumbang ge. Mun apal rek diantepkeun mah, teu kudu kuring ngabelaan adzan. Pikir Amun bari nenggelan karamik masjid.

Hiji santriawan lumpat nyampeurkeun Amun bari ngengelek kitab Jurumiyah. Nalika geus ngadeg harepeun Amun, eta budak teu loba basa. Langsung muka kita Jurumiyah nu dibawana, tuluy nyokot kertas nu diselapkeun di jero kitab Jurumiyah.
“Kang, iyeu titipan ti teh Nova. Saurna, punten bie teu tiasa ngantosan adzan dugi kaanggeus.” Teu kungsi Amun ngucap nuhun. Eta budak lumpat deui ninggalkeun Amun, jiga nu siuen katinggaleun asup ngaji.
Bari laleuleus amun muka kertas nu ditilep-tilep. Serat ti Nova. pikir Amun, bari gewat megarkeun kertasna. Panasaran ku isina.

Kahatur
Kang Amun Solihin

Assalamu’alaikum…
Kang, punten biyeu teu tiasa ngantosan sareng ningalikeun kang Amun adzan dugi kaanggeus. Abdi kedah nyerat serat iyeu.
Kang, janji nu ku akang dicarisokeun. Yen kang Amun badi nyarengan Nova dugi kajaga. Nyorang kahirupan nu baris kuurang dilakonan sasarengan.
Kang, Nova ge gaduh rasa nu sami jiga akang. Nova mikacinta ka akang. Nova ge palay hirup sareng akang.
Abdi nampi akang. Pami tiasamah kedah enggal sumpingan pun biang sareng pun rama abdi. Abdi ngantosan saenggalna.
Wassalamu’alaikum…

Nova Nurhayati

Amun Solihin. Seuri bari ceurik sabelah, cipanona nu tingkareclak diusapan.
“Neng, saenggalna abdi bade nyumpingan anjeun” Ucapna bari nyium serat ti Nova.

2 komentar:

Catatan-catatanku on 7 Juni 2009 pukul 23.45 mengatakan...

Tulisan barunya mana???

Dasam Syamsudin on 9 Juni 2009 pukul 07.37 mengatakan...

Oh, tulisan barunya belum pada datang... makanya cepat kirim tulisannya donk

Posting Komentar

 

e-Buletin Pena IMM Copyright © 2009 WoodMag is Designed by Ipietoon for Free Blogger Template